Sipat Kalakuan Jalma

ancadlaér = nyaritana anca pisan atawa laun pisan
adigung = takabur boga rasa punjul ti batur
agul = resep nyaritakeun atawa némbongkeun kabisa atawa pangboga
Andalemi = lunguh timpuh, lemes tingkah lakuna
Aral = teu sugema ku kaayaan
Badilang = kurang tenget (tenget = kurang awas titingalian)
Bahula = teu nurut kana paréntah
Baketut = pasemon nu camberut. goreng budi. goreng semu
Balabah = béréhan. daék barangbéré
balakasikang = awéwé nu kalakuanana cara lalaki
Banci = lalaki nu kalakuanana cara awéwé
Bangakawarah = goréng lampah kawas nu teu meunang pangawarah
Bangor = nakal. badeur. pikakeuheuleun. teu nurut kana panyarék
Baragajul = sesebutan ka jalma nu kalakuanana teu eucereug
Barangasan = babarian ambek
Basangkal = budak nu teu nurut ka kolot
Basilat = licik. curang. teu jujur
bawel = céréwéd. loba omong (awéwé)
Bedang = bedegong. mawa karep sorangan
Biko = bodo
Binangkit = rea kabisa
Calakan = babari ngarti kana pangajaran atawa kana hal nu
Calimud = ceceremed. cocorokot. panjang leungeunanyar
Calutak/Caluntang = teu maké bémakrama. teu ngupama ka jalma saluhureun
Campoléh = léléwodeh. henteu junun. lalawora kana gawé
 Canteng = tegep. gandang perténtang
Capétang = pinter tur lancar ngomong (biasana dilarapkeun ka budak
caréraman = budak nu kabitaan ku barang batur. tuluy ménta
Célémbéng = loba ngomong (budak leutik)
Bedang = bedegong. mawa karep sorangan
Berewit = mindeng gering. babarian katerap panyakit (biasa dilarapkeun ka budak)
Bodo = belet. kuled uteuk. hésé ngarti. hésé diajar
Bodo aléwoh = bodo tapi daék tatanya
Bodo katotoloyo = bodo bari tara daék tatanya
Bolon = can pati nyaho kabeneran. balata boloto kénéh
Codéka = laku lampah goréng ka batur
Cologog = kalakuan nu teu maké tatakrama
Culangung = belegug. teu hormat. teu nyaho tatakrama
Curaling = sok resep pulang paling. teu bisa dipercaya
épésméér = babarin ceurik. teu kaop manggih kanyeri
Eusleum = rada gelo

Sesebutan Waktu Dina Sapoé Sapeuting

Wanci janari gede = kira-kira tabuh 01:00 dugi ka tabuh 03:00 peuting
Wanci janari leutik = kira-kira tabuh 03:00 dugi 04:30
Wanci balebat = waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé ) beulah wé tan, kirang langkung 4:30
Wanci carangcang tihang = wanci liwat pajar, téténjoan remeng kenéh (kira-kira tbh 4:30 - 05:00)
Wanci haneut moyan = waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (kirang langkung tabuh 07:00 - 08:30
wanci rumangsang = waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (kirang langkung tabuh 09:00
wanci pecat sawed = waktu munding anu dipaké magawé dilaan sawedna (kirang langkung tbh 10:00)
wanci manceran/lohor = waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12:00)
wanci lingsir ngulon = waktu panonpoé geus mimiti ngeser ka kulon (kirang langkung tbh 13:00)
wanci panonpoé satangtung = kirang langkung tabuh 15:00
wanci tunggang gunung = waktu panonpoé geus rék surup. ayana dina luhureun gunung (Kirang langkung tabuh 16:00-17:00)
wanci sareupna = geus mimiti reup poék (kirang langkung tbh 18:30)
wanci sareureuh budak = waktu budak leutik geus carapeeun tas heureuy jeung jeung dulurna (kirang langkung tbh 20:00)
Wanci tengah peuting = kirang langkung tbh 24:00

Babasan

  1. Adam lali tapel: poho ka baraya.
  2. Adat kakurung ku iga: tabe’at mah hese dipiceunna (dirobahna).
  3. Adean ku kuda beureum: ginding ku barang beunang nginjeum.
  4. Titirah ngadon kanceuh: maksud hayang neang kasenangan, tapi malah meunang kasusah.
  5. Ngadu-ngadu rajawisuna: ngahudang amarah dua jelema sina bengkah/ ngadukeun batur.
  6. Agul ku payung butut: jalma taya kaboga, tapi nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula.
  7. Ulah ieu aing uyah kidul: ulah asa aingt pangpunjulna.
  8. Landung kandungan laer aisan: gede timbangan/ asak pamikiran samemeh ngalakukeunana.
  9. Elmu ajug: jalma nu bisa mapatahan ka batur, tapi manehna sorangan teu ngajalankeun papatahna.
  10. Ngajul bentang ku asiwung: hal anu pamohalan bisa kalaksanakeun.
  11. Tikoro andon peso: nyampeurkeun ka jelema nu boga maksud rek nyilakakeun.
  12. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed: ari umur geus kolot, kahayang cara nu ngora.
  13. Ngeunah angen ngeunah angeun: pamajikan satia, ngeunah pasakanana, cukup dahareun tur taya kasusah.
  14. Diangeun careuhkeun: disuguhan tapi kalah diantep henteu didahar.
  15. Neukteuk mere anggeus: mutuskeun hubungan (tali silaturahmi).
  16. Ngimpi ge diangir mandi: bararaid teuing.
  17. Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan: jelema gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.
  18. Ngadu angklung: parebut omong, hayang paunggul-unggul.
  19. Elmu angklung: joledar, nukang nonggong ka kolot.
  20. Anjing ngagogogan kalong: mikahayang nu pamohalan.
  21. Kawas anjing tutung buntut: berebet ka ditu berebet ka dieu kawas nu samar rasa.
  22. Nulungan anjing kadempet: nu asih dipulang sengit.
  23. Anjing nyampeurkeun paneunggeul: nyampeurkeun nu rek mahala.
  24. Paanteur-anteur julang: nu tas nganteur dianteurkeun deui ku nu dianteurkeun.
  25. Sapi anut ka banteng: awewe ngawula ka salaki.
  26. Ngaliarkeun taleus ateul: nyebarkeun kagorengan batur.
  27. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam: berehan ka deungeun-deungeun, ari ka baraya kakad-keked.
  28. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban: digantung, ditalak henteu, dinapkahan henteu.
  29. Kawas badak Cihea: dilarapkeun ka jelema nu leumpang noyod kawas nu degig.
  30. Balung kulit kolot meuting: henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
  31. Marebutkeun balung tanpa eusi: madukeun perkara nu teu aya hasilna.
  32. Banda tatalang raga: leuwih hade ngorbankeun banda, batan cilaka awak.
  33. Banda sasampiran, nyawa gagaduhan: boh banda boh nyawa Pangeran nu kagungan.
  34. Batok bulu eusi madu: goreng rupa atawa euweuh tagog, tapi pinter jeung bageur.
  35. Saherang-herangna cai beas: saberesih-beresihna hate nu dinyenyeri, moal beresih pisan.
  36. Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai: lubak-libuk tapi teu bisa make, da lain hakna.
  37. Meber-meber totopong heureut: ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.
  38. Ngijing sila bengkok sembah: teu satia ka dunungan.
  39. Ngadagoan belut sisitan: moal kaalaman, mustahil kajadian.
  40. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok: kajeun hirup ripuh, asal tetep teu pajauh jeung anak incu.
  41. Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang: ngan bisa marentah atawa nitah wungkul, henteu prak digawe ku sorangan.
  42. Nyanggakeun beuheung teukteukeun, suku genteng belokeun: masrahkeun diri lantaran rumasa salah.
  43. Mindingan beungeut ku saweuy: api-api teu nenjo kasalahan bawahan atawa rayat lantaran teu mampuh ngayakeun tindakan saperluna.
  44. Ati mungkir beungeut nyanghareup: henteu terus jeung hate (munapik).
  45. Bilatung ninggang dage: dilarapkeun ka jalma teu jujur nu kabeneran meunang kedudukan atawa kasempetan anu nguntungkeun pikeun manehna.
  46. Sabobot sapihanean, sabata sarimbagan: lulus runtut sakasuka sakasusah.
  47. Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan: nu keur susah dipupuas, atawa ditambahan kasusahanana.
  48. Legeg lebe, budi santri: ari lampah euwah-euwah, jalma jahat nu bisa nipu ku tindak-tanduk anu sopan.
  49. Nimu luang tina burang: meunang luang lantaran kungsi cilaka.
  50. Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan: pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan, padahal lain ahlina.
  51. Seuneu hurung cai caah ulah disorang: jelema nu keur napsu atawa amarah ulah diheureuyan.
  52. Gede cahak manan cohok: gede keneh kahayang tibatan panghasilan.
  53. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak: layeut, runtut raut silih ayunkeun.
  54. Kawas cai dina daun taleus: teu puguh pamadegan, atawa mun dipapatahan eweuh tapakna.
  55. Alak-alak cumampaka: niru-niru atawa mapadani saluhureun.
  56. Tunggul dirarud catang dirumpak: ngalajur napsu taya nu dihiding.
  57. Cecendet mande kiara: jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar atawa nu gede pangaruhna.
  58. Ngadek sacekna, nilas saplasna: nyarita satarabasna, henteu direka.
  59. Maut nyere ka congona: jelema nu asalna beunghar (lubak-libuk), beuki kolot beuki kokoro.
  60. Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna: mun keur leutikna badeur geus kolot na oge pamohalan bakal bageur.
  61. Cukup belengur baraganaya: resep mere kabatur bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
  62. Cul dogdog tinggal igel: ninggalkeun pagawean nu utama, ngalampahkeun pagawean nu taya hasilna.
  63. Dogong-dogong tulak cau geus gede dituar batur: ngamumule budak awewe jang pipamajikaneun, ari geus meujeuhna kalah dikawin batur.
  64. Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup: neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
  65. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir: mikahayang anu teu layak pikeun dirina.
  66. Nangkeup mawa eunyeuh: mawa susah atawa mawa cilaka ka nu dipentaan tulung.