Sipat Kalakuan Jalma

ancadlaér = nyaritana anca pisan atawa laun pisan
adigung = takabur boga rasa punjul ti batur
agul = resep nyaritakeun atawa némbongkeun kabisa atawa pangboga
Andalemi = lunguh timpuh, lemes tingkah lakuna
Aral = teu sugema ku kaayaan
Badilang = kurang tenget (tenget = kurang awas titingalian)
Bahula = teu nurut kana paréntah
Baketut = pasemon nu camberut. goreng budi. goreng semu
Balabah = béréhan. daék barangbéré
balakasikang = awéwé nu kalakuanana cara lalaki
Banci = lalaki nu kalakuanana cara awéwé
Bangakawarah = goréng lampah kawas nu teu meunang pangawarah
Bangor = nakal. badeur. pikakeuheuleun. teu nurut kana panyarék
Baragajul = sesebutan ka jalma nu kalakuanana teu eucereug
Barangasan = babarian ambek
Basangkal = budak nu teu nurut ka kolot
Basilat = licik. curang. teu jujur
bawel = céréwéd. loba omong (awéwé)
Bedang = bedegong. mawa karep sorangan
Biko = bodo
Binangkit = rea kabisa
Calakan = babari ngarti kana pangajaran atawa kana hal nu
Calimud = ceceremed. cocorokot. panjang leungeunanyar
Calutak/Caluntang = teu maké bémakrama. teu ngupama ka jalma saluhureun
Campoléh = léléwodeh. henteu junun. lalawora kana gawé
 Canteng = tegep. gandang perténtang
Capétang = pinter tur lancar ngomong (biasana dilarapkeun ka budak
caréraman = budak nu kabitaan ku barang batur. tuluy ménta
Célémbéng = loba ngomong (budak leutik)
Bedang = bedegong. mawa karep sorangan
Berewit = mindeng gering. babarian katerap panyakit (biasa dilarapkeun ka budak)
Bodo = belet. kuled uteuk. hésé ngarti. hésé diajar
Bodo aléwoh = bodo tapi daék tatanya
Bodo katotoloyo = bodo bari tara daék tatanya
Bolon = can pati nyaho kabeneran. balata boloto kénéh
Codéka = laku lampah goréng ka batur
Cologog = kalakuan nu teu maké tatakrama
Culangung = belegug. teu hormat. teu nyaho tatakrama
Curaling = sok resep pulang paling. teu bisa dipercaya
épésméér = babarin ceurik. teu kaop manggih kanyeri
Eusleum = rada gelo

Sesebutan Waktu Dina Sapoé Sapeuting

Wanci janari gede = kira-kira tabuh 01:00 dugi ka tabuh 03:00 peuting
Wanci janari leutik = kira-kira tabuh 03:00 dugi 04:30
Wanci balebat = waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé ) beulah wé tan, kirang langkung 4:30
Wanci carangcang tihang = wanci liwat pajar, téténjoan remeng kenéh (kira-kira tbh 4:30 - 05:00)
Wanci haneut moyan = waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (kirang langkung tabuh 07:00 - 08:30
wanci rumangsang = waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (kirang langkung tabuh 09:00
wanci pecat sawed = waktu munding anu dipaké magawé dilaan sawedna (kirang langkung tbh 10:00)
wanci manceran/lohor = waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12:00)
wanci lingsir ngulon = waktu panonpoé geus mimiti ngeser ka kulon (kirang langkung tbh 13:00)
wanci panonpoé satangtung = kirang langkung tabuh 15:00
wanci tunggang gunung = waktu panonpoé geus rék surup. ayana dina luhureun gunung (Kirang langkung tabuh 16:00-17:00)
wanci sareupna = geus mimiti reup poék (kirang langkung tbh 18:30)
wanci sareureuh budak = waktu budak leutik geus carapeeun tas heureuy jeung jeung dulurna (kirang langkung tbh 20:00)
Wanci tengah peuting = kirang langkung tbh 24:00