"kani'matan iman"

 Iman teh tempatna dina hate, lamun teguh nanceb eta iman dina hate, pasti bisa ngadalian diri tina tigebrus kana jurang ma'siat   karana ma'siat jeung munkarat dipandang ku manehna saperti oray nu matih peurahna   Anu ngabahayakeun 'akal , kana badan, ngruksak diri, masyarakat ngacowkeun pergaulan jeung nagara   Jeung iman keneh anu ngajurung hiji jalma kana tha'at jeung bakti ka Alloh   Migawe parentah-parentah Alloh, nangtungkeun hukum-hukum anjeunna   Saperti anu parantos dicontokeun ku ahli iman anu luhung Kangjeng Nabi muhammad saw
  Lamun geus kieu kaayaan hiji jalma, kakara eta jalma ngarasakeun kaladzatan iman,  Lantaran manehna boga sifat-sifat anu sakumaha diterangkeun ku Kangjeng Nabi muhammad saw,

Dawuhna: "Tilu perkara, singsaha anu boga tilu perkara ieu, pasti manehna ngarasakeun amis-pelemna iman  Nyaeta Alloh jeung Rasulna leuwih dipikacinta ku dirina manan anu sejenna   Kadua: manehna teu cinta ka hiji jalma anging pangna cinta teh taya lian karana Alloh   Katilu: manehna ngewa kana kakufuran saparantona disalametkeun ku Alloh, saperti manehna ngewa lamun,dicemplungkeun kana naraka" 

 Dina hadits anu bieu diterangkeun tilu sifat jalma anu bakal ngarasakeun amis-pelemna iman,  
Dina kahirupan urang sapopoena kacida lobana anu narik jeung nikmat kana hate ti antarana cinta ka bojo/anak, aya oge cinta ka sawah/kebon  Sakapeung cinta kana pakean anu endah, atawa gedong sigrong, hade dangong, anu puluhan tingkat jeung sajabana,   Cinta ka anu disebutkeun bieu teu dilarang sapanjang wates-wates anu dimeunangkeun ku Alloh,
Malah nurutkeun Al-Quran yen anu cinta kanu sejen leuwih tibatan ka Alloh jeung Rasulna kaasup kana golongan jalma2 anu fasek
 Cinta ka hiji jalma karana Alloh, tegesna lantaran eta jalma teh sholeh, milampah parentah2 agama jeung hukum2 Alloh   Jeung manehna ngewa ka eta jalma lantaran jahat jeung teu milampah parentah agama jeung teu ngagungkeun kalimah Alloh
 Katilu manehna teu suka ijid jeung ngewa kana balik deui jadi kafir sanggeusna jadi mu'min, nolak kakufuran ku tekad, letah jeung laku-lampahna,   jalanna supaya urang nepi kana tingkatan anu kasebut bieu, geura perhatikeun pidawuh Alloh dina Al-Quran

 "Tapi henteu! Demi pangeran maneh! maranehna henteu ariman satungtung tacan ngajadikeun maneh jadi hakim   dina saniskara anu ku maranehna dipacogregkeun diantara maranehna, tuluy maranehna henteu ngarasa nyeri hate kana putusan maneh   Jeung maranehna narima kalawan sumerah saestu-estuna (QS. an-Nisa: 65)

 neangan hukum Alloh terus ikhlas narima jeung nyerahkeun diri gembleng kana hukum Alloh, eta tandana masih pinuh iman dina jero dada   Ku hal eta pikeun ngarasakeun amis-pelemna iman, urang kudu ngabiasakeun neangan hukum Alloh dina sagala perkara kahirupan
  Dimana geus kapanggih hukum Alloh jeung Rasulna kudu legakeun dada, leungitkeun rasa sempit hate,   Leungitkeun rasa bangbaluh nalika narima eta hukum, terus nyerahkeun diri ka Alloh anu saenya-enyana
  Mudah-mudahan Alloh ngalapangkeun dada urang sadaya pikeun narima hukum2 Alloh sareng dipasihan kakiatan keur ngalaksanakeunana,   Nepika urang ngarasa enyaan amis pelemna iman, ni'matna ber Tuhan ka Alloh swt